Minggu, 16 Mei 2010

Ngaran Anak Sato jeung Ngaran Kekembangan


Anak anjing : kirik/kicik
Anak bagong : begu
Anak bandeng : nanar
Anak banteng : bangkanang
Anak bangbung : kuuk
Anak bangkong : buruy
Anak belut : kuntit
Anak bogo : cingok
Anak boncel : bayong
Anak buhaya : bocokok
Anak deleg : boncel
Anak embe : ceme
Anak gajah : menel
Anak hayam : ciak/pitik
Anak japati : piyik
Anak kancra : badal
Anak keuyeup : bonceret
Anak kuda : belo
Anak kukupu : hileud
Anak kutu : kuar
Anak lancah : aom
Anak lauk : kebul/burayak
Anak lele : nanahaon
Anak lubang : leungli
Anak maung : juag/aum
Anak monyet : begog
Anak munding : eneng
Anak reungit : utek-utek
Anak sapi : pedet
Anak ucing : bilatung

NGARAN KEKEMBANGAN

Kembang awi : eumbreuk
Kembang bako : bosongot
Kembang bawang : ulated
Kembang bolang : ancal
Kembang boled : tela
Kembang cabe : bolotot
Kembang cau : jantung
Kembang cengek : pencenges
Kembang cikur : jelengut
Kembang eurih : ancul
Kembang gedang : ingwang
Kembang genjer : gelenye
Kembang hoe : bubuay
Kembang honje : comrang
Kembang jaat : jalinger
Kembang jambe : mayang
Kembang jambu aer : lenyap
Kembang jambu batu : karuk
Kembang jarak : uing
Kembang jengkol : merekenyenyen
Kembang jeruk : angkruk/angkes
Kembang jotang : puntung
Kembang kadu : olohok
Kembang kalapa : suligar
Kembang peuteuy : pendul
Kembang kaso : curiwis
Kembang kawung : pengis
Kembang koneng : badul
Kembang kulur : pelepes
Kembang laja : jamotrot
Kembang leunca : pengit
Kembang limus : seleksek
Kembang lopang : cacas
Kembang muncang : rinduy
Kembang pare : ringsang
Kembang salak : sedek/gojod
Kembang sampeu : dingdet
Kembang taleus : ancal
Kembang tangkil : uceng
Kembang terong : moncorong
Kembang tiwu : badaus
Kembang waluh : alewoh

Jumat, 23 April 2010

NU MANGKAT NYABA

Kang Jaja rèk mangkat nyaba ka Jakarta. Mèmèh mangkat, isuk-isuk kènèh manèhna mumuluk bubur ayam. Teu poho pus-ap lima kali, sit-ap lima kali, pul-ap opat kali karasa geuning manèhna hahèhoh jeung lapareun deui. Belewek jajan buras. Ku keyeng kahayang muru dulur rèk milu dagang di kota, bèla meupeus cèlèngan bangkong nu mangbulan-bulan can di buka. Barang prèk peupeus, katèmbong sapuluh rèbu aya genep, dua puluh rèbu aya dua, lima rèbu aya tujuh, rèbuan aya tilu puluh, cucunguk paèh aya tilu, rècèh saratus logam mah horèam ngitung. Sawarèh rumasa kudu dibikeun ka indungna pikeun balanja sapopoè. Sèsana di pakè ongkos nyaba. Enya, saongkoseun gè baè cenah, da geus tepung mah jeung Mang Teten di Jakarta moal kudu hariwang.

Dua taun katukang Mang Teten geus tiheula ngalalana di Jakarta. Kamari pisan manèhna ngirim surat ka Kang Jaja sangkan nuturkeun ka Jakarta, mantuan ngepak bubuahan di ruko. Lumayan cenah, batan huleng jentul cicing di lembur taya pagawèan nu alus. Nya kitu keur mangsa luntang-lantung jeung Mang Teten di lembur gè, Kang Jaja jeung Mang Teten teu welèh paheuyeuk-heuyeuk leungeun sapapait samamanis. Kitu tea Mang Teten mah resep ngalalana abong urang Tasik, dalah Kang Jaja mah kacida kurung batok teu wani-wani ingkah ti lembur acan. Lumrah mun Mang Teten masih inget kènèh ka Kang Jaja bubuhan babarengan geus lila, meureun mah pait kalakonan duaan, bagja gè kudu.

Kang Jaja amitan kanu jadi kolot. Kasawang rèk pipisahan jauh. Mèmèh mangkat tunya-tanya heula sual Jakarta ka Pa Lurah nu kungsi ulin ka Jakarta. Ti mimiti beus nepika angkot mèh dibejaan Tuluy ngaran jalan, tempat, pasar. Pa Lurah ngadadak nyieun peta sangkan engkè Kang Jaja teu barieukeun sasab di jalan. Kang Jaja unggut-unggutan. Nganuhun-nuhun. Enya, Mang Teten tèh nitah Kang Jaja datang wè ka alamat nu kungsi ditulis dina surat. Tèangan di pasar jeung di ruko nu ngaranna geus puguh jentrè dina eusi surat. Datang wè baè saongkoseun gè, basana.

Beuleunyeung Kang Jaja numpak beus. Sajajalan manèhna nyawang pikahareupeun. Nya sugan wè aya milik nu gedè. Rèk milu mantuan Mang Teten di Jakarta, puguh cenah dunungan Mang Teten butuh pagawè deuih. Nya èta tèa nu diarep-arep ku Kang Jaja, pagawèan nu nyampeurkeun sorangan. Najan dititah naon gè daèk waè asal tong dititah ngitung angka-angka. Butek, basana. Ngitung duit mah bae. Kang Jaja sura-seuri sorangan.

Saumur-umur nyunyuhun hulu, kakara Kang Jaja nyaba jauh kieu. Ah itung-itung pangalaman cenah. Hatè Kang Jaja sajajalan norowèco. Teuteup Kang Jaja ngintip tina jandèla nempo kaluar. Asa waas keur Kang Jaja mah nu tileuleutik gumulung ukur di lembur. Nempo tempat anyar tèh asa ngarasa hèlok. Nyaan dunya tèh lega kènèh. Kang Jaja ngarasa sebel. Beuteung asa murel hayang utah. Kusiwel mawa kèrèsèk tina kantong. Ditahan-tahan ogè. Reup dipeureum-peureumkeun panonna hayang disarèkeun, mèh teu karasa di jalanna. Panon poè ngarayap nyorotkeun panasna. Hawa jero beus ngadadak bayeungyang.

Dipeureum-peureumkeun gè angger Kang Jaja tèh teu bisa sarè. Nu gigireun mah budak pamuda ngagerenyem wè dahar kacang teu eureun-eureun. Sakapeung mah nawaran Kang Jaja. Kang Jaja ngahanjakalkeun teu mekel dahareun ti imah. Cai nginum gè hanteu. Kadèngè ukur sora mesin ngagerung luhureun aspal, puguh panumpang mah jempè jiga nu taribra kabèh.

“Hareudang nya, Pa.” ceuk nu gigireun semu nyengir ngipas-ngipas awak ku sapu tangan.
“Enya pisan, Cèp. Keur kaayaan kieu mah hayangna teh gebrus mandi.” Ceuk Kang Jaja. Budak pamuda seuri ngahahah. Atoh pisan Kang Jaja aya nu maturan ngobrol, make basa Sunda deuih, jadi asa teu kararagok ngawangkong gè.

Nyaan ku ngawangkong mah Kang Jaja gè teu karasa kesel jero mobil tèh. Eta budak pamuda tèh budak mahasiswa. Cenah rèk ka lanceukna di Jakarta. Keur mangsa liburan kuliahna jadi nyelang ulin ka Jakarta, sarua jeung Kang Jaja rèk ngadon gawè. Tah geuning, kabèh jelema geus lieur ku duit mah. Mahasiwa gè nu kawajibanna diajar teu welèh nyelang nyiar duit. Kang Jaja unggut-unggutan seuri jero hatè.

Nya tidinya Kang Jaja bacèprot ngawangkong ngalèr-ngidul jeung manèhna. Geuning karasa beuteung Kang Jaja lapar kacida. Kang Jaja ngarumas. Untung wè ari nginum hungkul mah budak pamuda tèh nawaran. Leguk wè Kang Jaja teu èra nginum bangun nu hanaang kacida. Beurang panasna turun. Panon poè nyumput tukangeun mèga. Hawa teu bayeungyang teuing. Genah karasana kana awak Kang Jaja na gè.
Mingkin lila, Leng. Reup Kang Jaja peureum…

***

Geuning lain reup kawas ilaharna sarè. Kang Jaja kapiuhan lila pisan. Barang lilir manèhna keur di geuing-geuing ku supir jeung kondèktur. Kang Jaja nguniang hudang. Sirah semu lieur, awak nyeri, beuteung nyeri. Kang Jaja istighfar. Panonna rinyay. Tikoro asa pahang. Awakna panas nyebrèt. Teuing geus sabaraha jam teu sadar. Kang Jaja luak-lieuk. Geuning beus mah geus towong. Leungeunna ngagarayam neang kantong. Ataghfirullah! Kamana kantong? Kang Jaja reuwaseun.

“Kamana kantong, Kang? Kamana kantong kuring?” Kang Jaja tatanya ka kondektur jeung supir. Nu ditanya kalahkan silih pelong. Gebeg deui Kang Jaja reuwas basa nempo arloji dina leungeunna leungit. Kusuwal-kusiwel kana sakuna. Gebeg deui. Duitna gè euweuh. Ukur nyèsa dua rebu. Goak Kang Jaja ngagoak. Kokotètèngan bangun ku bingung. Biwirna ngageter. Panonna carinakdak. “Mana duit kuring! Mana arloji kuring! Mana kantong kuring!” kang Jaja cocorowokan. Supir gogodeg. Kondèktur ngarènghap panjang.

“Kamu dicopet, Mas.” Ceuk kondektur ka Kang Jaja. Nu diajak ngomong olohok.
“Kejadian lagi, Bang…” kondektur ngarahuh. Pon kitu deui supir.
“Gak salah, Don, kena tipu ni orang…”
Kang Jaja kaluar tina beus bangun nu linglung naker.

Langit katèmbong ceudeum. Jelema lalar liwat di sisi jalan. Sora mobil silih tèmbal. Di terminal Kang Jaja luak-lieuk bingungeun. Kang Jaja ceurik. Kudu kamana lalampahan. Apan alamat aya dina surat. Suratna dina kantong. Leungeunna ngadègdèg ngodok saku baju. Aya kertas sacewir. peta ti Pa lurah tèa. Untung peta mah aya. Di terminal Kang Jaja tunya-tanya ngeunaan peta dina kertas. Inget kènèh Pa Lurah mèrè pijalaneun.

“Wah, masih jauh, Mas. Naik mobil angkot lagi dua kali kalo mau sampai..”
Butuh tujuh rèbu cenah mun hayang tepi naik angkot. Leng Kang Jaja ngahuleng. Naik mobil duit timana. Apan dua rèbu deui. Kang Jaja kokotètèngan di terminal. sakapeung ngawani-wani miceun kaèra mènta duit. Tapi euweuh nu daèk mèrè. Teungteuingeun. Hareupeun èmpèr toko Kang Jaja ceurik deui. Gusti, kudu kumaha ayeuna pilampaheun? Kang Jaja ngajerit jero hatèna.

Ngarasa geus nyaho jalan mah Kang Jaja rèk nekad leumpang. Tapi awakna asa leuleus. Beuteung Kang Jaja kokoèt lapar kacida. Hareupeunna aya tukang kupat tahu. Kang Jaja kumètap. Kupat Tahu: Rp. 3000. Deuh, kurang sarèbu dina meulina gè. Kang Jaja ngarènghap panjang. Rènghapna seuseut. Rèt ka toko, nempo jam dinding. Geus asub satengah lima. Nyur hayang kiih deuih.

Teu kungsi lila, Kang Jaja nèangan WC. Di belah kulon manggih WC. Bus manèhna abus. Pikiran mah kumalayang kamana mendi. Hatè nyeri. Inget kudu solat mah. Kabeneran aya mushola ngahiji jeung WC umum. Geuwat manèhna wudu. Sajeroning solat, hatè mah ngacaprak teu puguh jurus. Teu welèh jerit mènta tulung ka Pangèran. Sabada rèngsè solat, Kang Jaja lila ngadu’a. Teu poho mungkas sasadu saklek ka Gusti bakating ku bingung. Bakating ku jangar…

Gusti, naha bet meunang musibah kawas kieu? Atuh tulungan sim kuring. Enya, kuring mampuh leumpang nyorang alamat. Daèk. Tapi awak leuleus inggis teu kuat lalampahan. Tulungan Gusti. Ayeuna pisan kuring mènta tulung butuh duit sarèbu wè keur meuli kupat tahu. Lapar kacida Gusti. Pitulung Anjeun mah sok datang timana wae…

Kang Jaja teu nyaho deui kudu ngadu’a naon. Nu aya amah pikiran nu sarwa bingung. Pajeujeut. Kang Jaja cengkat. Manèhna kaluar ti mushola. Teu poho ka kamar WC heula. Leguk nginum ciatah. Sabot rèk kaluar ti WC, manèhna ngadèngè aya nu ngageroan…

“Mas, Mas…” aya pamuda nepak taktak. Awakna jangkung gedè. Lungeun si manèhna nunjuk kotak gigireun panto. Mandi, Kencing, Berak Rp. 1000. Leng sirah Kang Jaja muter. Gusti… karèk bieu pisan kuring mènta tulung hayang duit sarèbu, na atuh kalahka dipènta sarèbu. Kang Jaja ngagoak dina hatèna…

KASURUPAN JURIG

Geus rumah tangga mah, gawé téh kudu getol. Keur léléngohan onaman, nyiar duit téh bisa lungla-lenglé kénéh, bangun nu nyalsé. Dalah geus kawin mah, isuk-isuk gé geus dititah mangkat ku pamajikan. Pajar téh rejeki kaburu dikoréh hayam. Tong mumul, tong kedul pokna téh, bisi éléh ajul. Matuh pamajikan mah, mun geus nyindir ku hayam, teu weléh dituluykeun ku ngagul-ngagul Pa Dadang nu isuk-isuk kénéh geus mangkat nyiar duit. Sakapeung mah sok timburu, panas haté mun pareng didagor-dagor jeung kaayaan Kang Dadang. Padahal Kang Dadang mah gawé ngantor di penerbitan, kuring tukang ojég. Béda saeutik meureun.

Cenah gawé ngantor mah kudu disiplin waktu. Isuk-isuk gé kudu daék susuruduk. Lamun elat sapuluh menit gé bakal disetrap ku dunungan, kawas elat abus kelas mangsa kuring ésdé. Tapi ayeuna mah teu jauh béda kuring jeung Kang Dadang, isuk-isuk geus bareng tuturubun. Bédana mah Kang Dadang sieun disetrap dunungan, kuring sieun disetrap pamajikan. Rebun-rebun kénéh wayahna kudu geus mangkal. Gening bener Nyai, najan tiris gé isuk-isuk mah loba urang lembur nu rék ngadon ka pasar.

Tapi karasa capé mun kudu manteng sapopoé di pangkalan. Sakapeung mah isuk-isuk téh sok tara langsung mangkal. Sok ngahaja muru imah Dasép ngadon ngawangkong ngomongkeun manuk jeung nguseup. Mun teu kitu, kuring sok ngahaja kukurilingan ka pasar néang parab lauk. Eureun-eureun sotéh mun pareng papanggih jeung pamajikan. Lamun teu paamprok jonghok jeung pamajikan mah biheung teuing rék mangkat ngojég. Matuh, mun pareng kapanggih kedul mangkal, unggal balik ka imah sok nyampak pamajikan murukusunu saré nonggongan. Dalah, ieu nu dipikahariwang ku kuring mah.

Hayangna mah nyirekem sapopoé di enggon. Ngamandian manuk atawa morongkol ngadéngékeun radio. Tapi da ayeuna mah sok daék mikir, kabutuhan sapopoé teu ujug-ujug ragrag ti langit. Ditambah renghik Si Dado budak kuring hayang jajan jiga nu teu nyaho wayah. Mangkaning budak lalaki hiji-hijina téh geus gedé, kahayangna beuki loba. Komo ayeuna mah geus nincak kelas tilu, biaya sakola jeung kabutuhanna beuki merul unggal minggu. Leuwih beurat mun pamajikan pipilueun ngarenghik. Hayang baju mah, hayang sapatu mah.

Leuheung pamajikan onaman, mun pareng teu kacumponan paménta téh sok teu lila renghikna. Teu pira jadi baeud jeung sare nonggongan dua peuting. Lah, itung-itung puasa senén-kemis wé. Kadituna mah sok malik ogo deui. Tapi béda jeung budak. Abong leutik kénéh, paméntana teu kacumponan téh sok ngarengik papanjangan, kokoséhan papanjangan. Ari sual kahayang mah, teu nerap ka pamajikan jeung budak waé, kuring gé sakapeung mah sok hareudang bayeungyang karasana dipanggang kahayang. Boh nangkarak, boh nangkuban, boh morongkol, teu weléh wé kahayang téh tingarajol narémbongan. Tingabarasat récét ngagalaksak sakujur awak. Tapi kuring sok pangheulana nyadar ku kaayaan.

Sakapeung budak téh kahayangna alah batan budak pajabat. Unggal minggu paméntana sok gunta-ganti. Sok keuheul mun pareng ngarenghik. Mun lain anak sorangan, tibaheula gé geus dikarungan. Manasina kuring téh jalma beunghar nu teu hariwang ngadéngé kahayang budak merul unggal minggu. Tapi kabéh kahayang budak nepi ka ayeuna can aya nu kacumponan, iwal ti sapatu sakola. Répéh dua minggu mah dipangmeulikeun sapatu téh. Tapi heuleut saminggu tidinya, budak jeung pamajikan ujug-ujug ngarenghik hayang meuli tivi. Gusti, ngadéngéna gé asa kabéntar gelap. Lain saminggu dua minggu, renghik hayang tivi téh kadéngé tuluy mangbulan-bulan. Renghik nu laon, tapi ngahaleuang panjang, matak hareudang.

“Nyai, keur urang mah tivi téh kaasup barang mahal.” Ceuk kuring hiji poé. Pamajikan katempona haré-haré, kalahka jongjon ngakeul. Kuring ngarénghap panjang. Teu kungsi lila pamajikan cengkat, nyapukeun dapur. Kuring ukur bisa ngahuleung. Tetempoan karasa rinyay. Eunteup pajeujeut jeung imah lancah. Haseup rokok ngalangkang muru liang kenténg. Haseup kompor ngulibek teu hurung-hurung.

“Kang, kompor garing…”

***

Sok melang nempo pamajikan mun pareng baeud. Teuteupna teu haneut, tiis tur seukeut alah batan hinis. Sok asa dosa ngajak manéhna hirup sangsara. Tapi mangtaun-taun rumah tangga, kuring can manggihan pamajikan amuk-amukan. Manéhna mah sok milih ngabetem mun aya kaambek téh. Tapi sual tivi mah manéhna gé nyadar. Baeud sotéh cenah hariwang ku budak. Si Dado hayang tivi nepi ka embung dahar. Ngadéngé kitu mah kuring gé ngilu hariwang. Atuh teu loba mikir deui, isuk-isuk kénéh kuring ngawani-wani muru imah Pa Dadang, maksud rék nginjeum duit. Pédah wé ayeuna tanggal ngora.

Gening nginjeum duit mah babari, teu cara mayarna. Pa Dadang nginjeumkeun duit, tapi cenah elat mayarna kudu bulan hareup. Lah, kuring nyanggupan. Sugan wé kabedag. Ayeuna mah teu pira kurang lima puluh rebu deui. Mun seug ngojég jeung bisnis manuk lancar, isuk gé tivi geus bisa kabeuli. Kuring jongjon ngahuleng di pangkalan ojég. Pikiran karasa kakalayangan ka mana mendi. Isuk-isuk kéneh geus nagog nungguan panumpang. Sugan wé leubeut jiga kamari. Ngahaja nagogna sisi jalan gedé, sugan wé aya kardus murag tina mobil élep.

Karék inget, gening ayeuna téh poé minggu. Tangtuna jelema lolobana cicing di imah. Dina ayana gé barudak ABG. Éta gening barudak tatangga hungkul nu rék ngadon alulin. Sakapeung mah sok teu daraék marayar. Abong ka dulur, cukup ku cap nuhun. Sabot keur ngeunah ngahuleng, torojol téh Kiyai Damsik, katempona jiga nu rusuh.

“Badé kamana, Pa Kiyai?” pok téh kuring nanya.

“Cik lah anteurkeun ka imah Ki lurah.”

“Katingalna mani rusuh, Pak Kiyai?”

“Enya, tadi keur jongjon ngeunah nguseup, Ki Lurah nelpon. Cenah sadua-dua anakna kasurupan jurig, ditambah bibina.”

“Euleuh kasurupan jurig…”

Motor kuring parkir di garasi Pa Lurah. Geus katempo urang lembur minuhan imah tengah Pa Lurah. Pamajikan jeung budak kuring gé ngilu nongton. Katempo budak Pa Lurah nu duaan keur dirarejeng. Kokojotan. Hahaok kasurupan. Panonna ngabuncelik. Teu jauh di belah katuhu, bibina molotot jeung kekerot. Awakna gigibrig teu eureun-eureun. Kiyai Damsik jajampéan. Niup cai dina rantang. Teu lila cai téh diusapkeun ka budak duaan, tuluy ka bibina. Lain cageur, kalahka beuki tarik kasurupanna. Gogorowokan. Ngacapruk teu puguh. Ceuk Jang Maman mah, saméméh kasurupan budak duaan téh gegelutan di tengah imah. Kadieunakeun jadi gelut nyaan. Bibina mah jongjon lalajo tivi. Apan Bu Lurah jeung Pa Lurahna mah keur ngariung di Posyandu.

“Sugan tadi ulin kamana?” Pa Lurah nanya.

“Teu kamana-mana, Pa. Budak duaan teh ti énjing-énjing gé pogot lalajo tivi sareng bibina.” Ceuk Jang Maman. Kiyai nu ti tatadi ngabandungan héran naker. Teu kungsi lila Kiyai nyampeurkeun tivi nu masih hurung. Sajongjonan mah manéhna melong. Atuh warga gé milu melong éta tivi. Kabeneran keur merul iklan. Gék warga téh naragog, ngadon lalajo. Poho kanu keur kasurupan mah. Cénel dipindahkeun ku Pa Kiyai. Katempo keur konser musik rock. Cénel dipindahkeun deui, film perang. Dipindahkeun deui, film gelut. Dipindahkeun deui, film nu silih gabrug bobogohan, tuluy merul iklan ti mulai dahareun nepi ka cocooan budak nu kawilang geus canggih.

Sabot anteng lalajo, nu kasurupan beuki kokojotan. Kabéh istighfar. Ngomongna ngacapruk deui. Meusmeus budak nu duaan mah hahaok ngajak gelut. Hahaok ka bapak jeung indungna. Sakapeung mah nyambat ngaran Bétmén jeung Spidermén, tuluy hahaok ménta mobil balap jeung hayang ulin ka Nuyok. Bibina sakapeung nyambat sélébritis, tuluy ngajerit ménta dipangmeulikeun bonéka Sahrukkan. Nu kasurupan geus teu jauh béda jeung nu gélo. Habek budak nu hiji neunggeul Ki Miun nu titatadi ngoprot nyekelan leungeun budak. Beletak suku budak hiji deui ngajejek sirah Mang Dadap nun titatadi nagog sisieunna.

“Geus ayeuna mah kapanggih. Alungkeun wé ka balong hareup.” Ceuk Kiyai.

“Saha?”

“Eta nu kasurupan! Maenya ngalungkeun kuring!” Kiyai molotot. Nu titatadi nyarekelan budak tingparelong. Tuluy lieuk ka Pa Lurah jeung ibuna. Pa Lurah unggeuk. Teu loba lila deui, Mang Dadap jeung nu séjénna manggul budak duaan. Ki Japra ngahaja hayang ngagotong si bibi. Geus tepi ka sisi balong hareupeun imah Pa Lurah, nu tiluan teh dialungkeun. Teu pira balon déét, jerona sataktak budak Pa Lurah. Gejebur nu kasurupan patingkocéak. Budak nyambat Supermén. Si bibi nyambat pangéran berkuda putih. Kiyai nitah kabéh cicing. Nu kasurupan luplep di tengah balong. Teu kungsi lila tuluy ménta tulung. Kiyai nitah Mang Dadap jeung nu séjénna geuwat nulungan.

Geus hanjat di darat, nu kasurupan arutah uger. Budak nu duaan ceurik. Bibina luak-lieuk jiga nu hudang saré di luhur kenténg. “Aya naon ngarariung?” pokna bari gagaro sirah.

“Ilaing kasurupan!” Kiyai nyentak. Pa Lurah jeung ibuna katut warga ngabarakatak seuri. “Alhamdulillah…”

“Kausap jurig naon, Ki, barudak kasurupan?” Pa Lurah nanya atoh baur heran naker.

“Teu salah deui, jurigna tivi!”

“Hah, tivi!!!” kabéh warga reuwas. Kabéh olohok.

“Ayeuna mah jurig teh lain cicing di kuburan atawa leuweung sanget. Tapi geus nyumput dina tivi. Nu kasurupan parah mah, hésé neang ubarna.” ceuk Kiyai. Sakur kabéh urang lembur nu ngadéngé omongan Kiyai ngadadak beungeutna sepa.

Isukna, loba urang lembur nu ngajarual tivi. Kuring gé gura-giru malikeun deui duit ka Kang Dadang. Bedo meuli tivi téh. Peutingna kuring ngahuleng jeung pamajikan, dariuk duaan luhureun kasur.

“Nyi, kabayang nya mun jadi meuli tivi, tangtuna bakal cilaka.”

“Cilaka naon, Kang?”

“Kasurupan jurig, listrik nyedot, hutang numpuk. Meureun wayah kieu téh moal silih réndéng luhur kasur jiga ayeuna, tangtuna masih pogot lalajo tivi poho waktu. ”ceuk kuring. Pamajikan seuri ogo.

“Muhun, Dado ogé ayeuna mah teu ngarengik hoyong tivi deui”

“Ari nyai ngarengik kénéh?”

“Muhun.” Témbalna alon

“Hoyong tivi, lin?”

“Sanés. Hoyong bobo.” Pokna ogoan. Rub kuring duaan disimbut. Silih keukeupan. Sora peuting ngarekét baur jeung sora jangkrik…

NYIAR DUIT

Zaman kiwari mah neangan duit teh hese kacida. Komo deui ayeuna mah harga-harga kabutuhan sapopoe ge geus mahal tur mahiwal. Putat-petot aprak-aprakan sapoe jeput nyiar napkah, hasilna mah sakali beak sapoe ge. Kabeh jalma geus lieur ku duit. Lieur ngalana, bingung pareng rek dibalanjakeunna, basa kerenna mah dilema. Kateuing ari jalma beunghar jiga artis atawa pajabat nu loba duit mah, meureun ngaluarkeun duit teh asa ngaluarkeun hitut.

Isuk-isuk keneh kuring rek mangkat ka Cileunyi, dititah ku babaturan kuli ngarombak imah Haji Junedi. Karasa hoream uncag-incig teh dalah ongkos angkot ge ayeuna mah pikasieuneun. Tisaprak harga BBM naek, ongkos angkot milu naek. Kahayang mah leumpang, tapi era ku tukang batagor. Kapaksa we nyokel celengan si Teteh. Mun pareng nempo kuring nyokelan celengan teh, pamajikan mah sok gogodeg bari nyeungseurikeun.

Geus jarang ayeuna mah nu numpak angkot teh. Lolobanamah ngabelaan pasedek-sedek naek beus DAMRI, cenah ongkosna kaitung murah. Nyaan pisan ongkos DAMRI leuwih murah pisan batan angkot. Ti Tanjungsari ka Kebon Kalapa ge ukur mayar 4000. Mun angkot mah 4000 teh ukur nepi ka Cileunyi. Loba jalma nu rek ka Jatinangor atawa ka Cileunyi, malahan milih naek DAMRI, mayar sarebu ge ditarima cenah.

Tapi poe ieu kuring milih naek angkot. Sirah keur jangar kieu mah teu sudi teuing pasedek-sedek nangtung dina DAMRI, kuring mah sok kapiuhan.

“Tiiseun kieu Kang, angkot teh?” cekeng teh ka supir

“Ah, kieu we upami enjing-enjing dugi ka siang mah, Kang, tiiseun. Leuheung siang mah aya bubaran barudak sakola, janten teu ngahelas teuing.”

“Tuh, tingali Kang, DAMRI mah marema nya.”

“Muhun, beus badag nurustunjung, ngarebut panumpang. Rek ka Cileunyi nu deukeut ge diangkut si bangkawarah teh.” Ceuk supir bari nyiduh kaluar. Kuring ukur seuri ngadanguna. Singhoreng ayeuna mah DAMRI jeung angkot teh keur mumusuhan.

Jalma pantaran kuring mah nyiar duit teh kudu bolokot heula jeung kesang, malahan geutih. Sirah jadi hulu, hulu jadi sirah. Najan hasil nu katarima teu sapira, tapi hatur lumayan keur kabutuhan sapopoe mah. Kitu we, basana mah gali lobang tutup lobang. Tapi kuring mah bagja boga pamajikan daek sabar diajak sangsara ge. Atuh nahas mun urang boga pamajikan teu sabaran, sing pareng dibere beunghar ge, bakal riweuh jauh ti kabagjaan. Jalma pantaran kuring mah nyiar duit teh kudu daek papanasan kawas kieu. Tapi teu karasa gawe di imah Haji Junedi teh geus tereh beres deui. Atuh da digeder ti isuk, komo dibantuan ku nu lian mah, pagawean teh gancang beres. Haji Junedi atoh nempo hasil gawe kuring jeung nu sejenna. Karasa, jalma beunghar kawas Haji Junedi mah teu koret ka jalma kuli jiga kuring teh. Manehna nyuguhan, ngajak dahar bareng, tuluy teu asa-asa mere buruh. Kuring moal cangcaya, manehna pasti abus surga. Ti kajauhan kadangu sora adan asar. Kuring geuwat milu mandi di imah Haji Junedi. Awak karasa genah dipake solat ge. Nuhun, Gusti…

—oOo—

Najan geus asup sore, tapi hawa masih keneh karasa bayeungyang. Angkot ka sorenakeun mah katempo marema, komo deui beus DAMRI nepika dengdek-dengdek wae bakating ku pinuh. Sore mah geus loba nu mulang gawe.

Di jero angkot, awak karasa mingkin hareudang, lantaran panumpang ngabelaan nangkel di lawang panto ngahalangan angin. Di jero bujur geus silih geol, karasa panas. Najan kasiksa ku hareudang, tapi teu ambek da kuring di jero ngabaur jeung panumpang awewe, teu jangar teuing. Sok atoh mun aya nu turun, bujur bisa usik lega. Komo ayeuna mah nu narangkel teh geus tarurun palebah Cikuda ge. Hiji dua panumpang mulai turun. Di pengkolan Ciromed, turun pamuda jabrig. Sor ngasongkeun duit, teuing sabaraha.

“Timana, Jang?”

“Ti Jatinangor.”

“Kurang lima ratus.”

“Ah, biasana ge mayar sakitu.”

“Beda ayeuna mah, bengsinna ge geus mahal.”

“Sayah mah mahasiswa, mayarna murah!”

“Rek mahasiswa, rek presiden ge mayar mah sarua!”

“Na ari maneh sok maksa!” ceuk si pamuda bari nakol kaca spion mobil.

“Gelo siah, mahasiwa sangsara! Kalahka rek ngarusak mobil. Gelut siah jeung aing!”

“Sok kadieu turun wani mah, pehul!”

Supir turun, si mahasiswa kekerot. Silih haok, silih suntrung. Antukna mah silih cabok, buk-bek silih teunggeul di sisi jalan. Kabeh panumpang awewe di jero angkot jejeritan. Awewe mah sok riweuh, nonton gelut jeung nonton mengbal teh sarua wae, jejeritan teu puguh. Nyaan awewe mah, jiga nu gelut teh kabogohna wae.

Nempo dua jalma masih buk-bek gelut teh, kuring geuwat turun, niat rek misah. Orokaya nu gelut geus teu bisa dipisah. Crot geutih kaluar tina irung supir. Cer irung si mahasiwa ge sarua ngucur geutih. Pokona mah cur-cor pikasieuneun. Untung pisan ti kajauhan katempo loba jalma lalumpatan milu rek misah. Nu duaan teh pada nyarekelan, pada misah.

“Sok wani mah siah tuluykeun, sirah bihun!”

“Sok siah gelo, haramjadol Beuteung kardus!”

Duh, Gusti, pira oge duit lima ratus, nepika pasea kitu…

—oOo—

Imah kontrakkan kuring karasa tiiseun. Kuring keketeyepan abus ka jero. Lalaunan kuring ngelol ka kamar pamajikan. Katempo manehna keur anteng maca majalah. Kuring ngadehem, tuluy nanya.

“Nuju naon, Teh?” nu ditanya teu ngalieuk. Kuring ngadehem deui, tapi pamajikan jiga nu embung ngalieuk. Teu sasarina kitu. Lalaunan kuring nyampeurkeun manehna. Katempo manehna baeud. Kuring hemeng nempona.

“Teteh kunaon baeud?” cekeng teh semu ngaheureuyan. Nu ditanya kalahka malik nonggongan.

“Raray Teteh janten awon pami nuju baeud mah nya…” kuring ngaheureuyan deui. Nu diheureuyan kalahka malik molotot. Duh, Gusti, panonna meni endah.

“Aa tadi nyandak artos sabaraha tina cengclengan?” pamajikan nanya semu ambek.

“Salapan rebu, naon kitu?”

“Tadi Teteh uih ti bumi Bi Nuni, naek ojeg kirang artosna, kirang sarebu, jadi isin. Sugan teh ongkos teu acan naek. Bade nyokel cengclengan artosna tos ku Aa seep.” Ceuk pamajikan bari baeud. Kuring teu kuat nahan seuri ngadanguna.

“Ih, Teteh, da artos mah teu dicandak sadayana. Aya disesakeun.”

“Disesakeun naon, dina cengclengan mung aya 200 perak.” Tembal pamajikan bari malik nonggongan. Kuring seuri ngabarakatak.

“Oh, saminggu nyengclengan geuning ngan aya salapan rebu dua ratus! Sugan teh sajuta nya, Teh.” Ceuk kuring bari seuri akey-akeyan. Pamajikan katempona baeud keneh, bari ngegelan biwirna nu semu beureum.

“Nya atos atuh, iraha-iraha dilebetan deui ku Aa…” cekeng teh. Kuring ngahaja heheotan, pamajikan beuki kesel ka kuring.

“Duh, hanjakal Teteh nuju baeud, nuju bendu, tadina mah bade diajak ngabaso di Mang Endun.” Ceuk kuring bari api-api rek ngaleos. Kareret pamajikan malik curinghak, tuluy nyampeurkeun kuring.

“Aa tadi janten damel di bumi Pa Haji? Langsung dipasihan artos? Sabaraha?” pamajikan merekpek nanya. Kuring teu ngajawab, kalahka ngahaja heheotan.

“Aa bade langsung ka Mang Endun, atanapi bade bobo heula?” pamajikan nanya bari semu ngagoda. Leungeunna nangkeup cangkeng.

“Bade bobo heula ah…” cekeng teh.

“Hayu atuh!”

Kuring jeung pamajikan muru kasur, goledag bareng gogoleran. Tuluy kuring sare nonggongan pamajikan, api-api kerek.

“Geuning Aa mah kalahka bade bobo kitu.”

“Ih, tadi kan Teteh ngajak bobo heula…”

“Sanes bobo kitu atuh…”

“Har, bobo kumaha deui atuh?”

Nu ditanya kalahka imut eraeun. Tuluy pamajikan nangkeup bari ngome kancing baju kuring, semu nu ogo.

“Tapi artosna mung saalit, Teh…”

“Wios…” tembal pamajikan ogo bari imut ngagelenyu.

Ah, najan ukur hasil duit saeutik, tapi karasa bagja mun pamajikan beunghar ku imut, bageur, sabar, ogo… Karasa bagja, Gusti…

SAUNG KATINEUNG

Saban poé minggu mah, réngsé solat subuh téh sok langsung morongkol deui. Béda minggu ayeuna mah, isuk-isuk gé geus leuleumpangan. Méméh balik ka imah, ngahaja nyimpang heula di kebon jagong ki Oleh. Geuning geus leubeut. Geus pada apal kabéh urang dieu mah, mun hayang jagong di kebon ieu kudu daék heula tarung panco jeung Ki Oleh, nu bogana. Teu jauh tidinya, maplak tatangkalan endah diharudum ibun.


Ka belah kulon, teuteup eunteup di saung laeutik sisi sawah Haji Nono. Matak nineung matak waas. Kleung angkleung ingetan ngahaleuang ka mangsa keur leutik sok ulin bareng Dedi, Kokom jeung Lilis di saung éta. Gogonjakan, ngoyag-ngoyag tali bebegig. Manuk hariber. Jiga ayeuna, manuk silih udag. Panon poé geus ngeteyep rék nembongan. Kuring ngarénghap panjang. Teu karasa, Gusti, geus jauh ngulur umur, geus moal bisa dieureun-eureun atawa mulut nu geus liwat.

Balik ka imah, brus kuring mandi di sumur tukangeun imah. Mun pareng genah gegejeburan, sok poho batur nu ngantay rék milu ka cai. Geus rényom kadéngéna. Si bibi rék nyeuseuh mah, ki Momo rék miceun mah, Nyi Mimin rék ngisikan mah, jeung nu séjénna. Atuh réngsé mandi téh kabéh pada ngékéak. Puguhing ki Momo mah, teu weléh bari nyindir.

“Abong lila bubujangan, mandi gé lila. Iraha kawin, Jang?” pokna bari seuri ngahahah. Geus remen nu nanya kitu téh, tapi sok tara dilayanan. Bubuhan kakeuheul geus manteng. Mun seug ki Momo lain kolot, geus titatadi ditalian di tangakal balingbing pipir imah. Katempo manéhna ngaleos, sengit haseup bakona néjéh liang irung.

Dijero kamar kuring ngarahuh. Panon anteng melong eunteung. Geuning nyaan katempo pisan geus kuduna mungkas lalagasan. Umur sakieu di lembur mah moal teu pada nganaha-naha can boga pamajikan téh. Tapi da nepika ayeuna, mumul kawin téh. Lain teu payu, geus aya nu harayangeun mah. Mumun mah, randa Isah mah, Téh Ninih mah, Kokom mah, Lilis mah, Dedeh mah. Kabéh gé saropan tur gareulis manis. Nya kitu téa, kuring resep kénéh léléngohan. Lain sieun, lain teu boga biaya. Puguh wé gawé mah geus kawilang lumayan. Tabungan di bank geus meujeuhna keur rumah tangga mah. Kumaha deui, haté embung baé méréan. Teu bisa dipaksa-paksa.

Kadieunakeun, geus tara aya deui nu nganaha-naha, iwal ki Momo wé nu bangor kénéh ngaheureuyan kuring sual kawin mah. Kitu deui nu di imah, geus sieun mun nanyakeun sual kawin téh. Éta gé tisaprak kuring mudalkeun kaambek kanu di imah lantaran hayoh ditanya iraha kawin. Murang-maring sagala disépak. Adat kuring gedé ambek. Tisaprak kajadian éta, urang imah teu wani-wani deui nyeungeut amarah kuring. Sensitip ngomong sual kawin mah.

Awéwé-awéwé nu mimitina ngadeukeutan kuring ge ayeuna mah geus tara datang ka imah deui. Kabéh geus ngarasa bosen nungguan kuring. Béja mah Mumun can lila kawin jeung Kang Dadang, urang Majaléngka. Randa Isah teu kuat hayang rumah tangga, antukna kawin jeung mandor pabrik. Téh Ninih béjana keur deukeut jeung urang Padang. Lilis geus tara deui ulin ka imah, bejana Dedi mikahayang. Kokom geus pindah ka Palémbang. Dedeh béjana kapincut deui ku lalaki séjén. Kabéh gé lus-les pada néang jalan séwang-séwang, bakating ku cangkeul nungguan jeung miharep kuring meureun. Ki Dudus mah ngahanjakalkeun kana lalampahan kuring. Cenah mah awéwé geus dina lawang panto, kari unggeuk. Nya ayeuna mah kabéh pada bedo kudu lila nungguan kuring unggeuk daék tumarima rumah tangga. Jadi iraha rék kawin? Teuing atuh!

“Man! Geus siap, Man?!” kadéngé aya nu ngageroan di luar imah, meupeus lamunan kuring. Rikat kuring maké baju. Inget poé ayeuna Ki Dudus hayang dianteur ka Jatinangor, ngadon rék neangan cokelat di Jatos. Kateuing keur naon! Keur nini Mimih meureun.

***

Dina angkot kuring amprok jeung Darmaji, babaturan és ém pé. Atuh sono geus lila teu tepung. Nya sajajalan téh ngawangkong. Manéhna geus boga budak hiji. Cenah kawin jeun urang Rancakalong, urut babaturan sakelas pisan. Enya, jeung Ida. Kuring inget kénéh ka manéhna.
“Man, kamari pisan panggih jeung Dedi. Jadi ogé nya rék kawin. Jodona mah geuning jeung Kokom nya…” Ceuk Darmaji. Kuring ngaranjug. Jeung Kokom?

“Béja mah rék ka Lilis?” kuring kerung. Darmaji malik kerung.
“Har, karék apal ilaing? Atawa api-api teu apal?” Darmaji mingkin heran
“Keur naon kuring api-api teu apal. Apanan Dedi gé geus lila tara ulin deui ka imah.” Témbal kuring. Darmaji katangen gogodeg. Manéhna lila neuteup kuring.
“Lilis teu nyarita?”

“Nyarita nanahaon, Lilis gé ayeuna mah tara ulin deui ka imah. Sugan téh geus kawin jeung Dedi di Bandung.” Tembal kuring. Jempé sakeudeung.
“Man, Ceuk Dedi mah manéhna téh mikahayang Lilis, tapi Lilis nampik. Nya ayeuna jadina mah jeung Kokom. Milu hiber rumah tangga di Palembang. Beu, ilaing babaturan ulin keur leutik Dedi malah teu apal..” Darmaji ngajéntrékeun. Kuring ngahuleng.

“Ilaing nyaho kunanon Lilis nampik Dedi?” Darmaji nanya.
“Naon?”

“Ceuk Dedi mah Lilis miharep rumah tangga jeung ilaing. Lilis sorangan nu balaka ka Dedi, yén manéhna rék satia nungguan ilaing. Beu ilaing bet téga mihukum Lilis. Malahan ceuk beja kamari-kamari indungna geuring parna, mikiran budakna can kawin-kawin…”

Leng pikiran asa rinyay ngadéngéna, nyéah kana jero dada. Di Cikuda Dedi turun. Baku poé minggu mah di jalan téh sok macét. Pangpangna mah di Jatinangor, paciweuh ku nu lalar liwat rék ulin ka pasar mingguan di Unpad. Panon poé geus karasa panas. Hawa beuki bayeungyang. Pikiran jeung haté noroweco teu pupuguh. Baruk Lilis nungguan kuring?

Sajeroning macét, supir ngarti. Manéhna nyetel kasét dina tip mobil. Kadéngé haleuang tembang sunda. Ari ti mimiti naék ki Dudus mah teu ngawangkong saeutik-eutik acan, jiga nu nyeri huntu. Nya ngadéngé tembang téh jadi aya dédéngéeun dina kaayaan macét mah. Rey karasa aya nu ngeleketey dina lelembutan. Deng tembang marengan panineungan nu teu karasa kumalayang. Haleuang tembang karasa kana puhu kalbu…

asih urang…
diapungkeun ka langit
muntang kana mega
ucang-angge duaan…

asih hurang…
dipentangkeun ka langit
manteng dina bulan
ayang-ayangan duaan…

asih urang…
tingkaretip jiga bentang1
…..

Ser haté nu simpé dumadak haneut ngadéngéna. Tembang bieu lir ungkara basa nu ngusapan mapay-mapay garingna rasa. Tembangna nyaritakeun wanoja nu keur geugeut panineungan ku rasa cinta. Kumalayang haté sajongjonan. Ngarasa bagja teu pupuguh, ngarasa ngemplong pikir, tapi sakapeung hariwang teu puguh. Kuring ngarérét ka ki Dudus nu titatadi teu usik-usik. Bet haté sakapeung ngarasa keueung. Enya, Dedi gé ditampik bubuhan Lilis hayang satia nungguan kuring. Teuing geus sabaraha taun. Tapi naha Lilis tara ulin ka imah deui? Teu kungsi lila, kadéngé deui tembang anyar tina tip…

…..
hate ngarasa geugeut
hayang geura geura deukeut
rasa liwung gandrung
diri kapidangdung
semu ngalanglayung
hayang geura geura tepung

sawangan kumalayang ngawang-ngawang
nyipta rasa tinu anggang jeung manehna
implengan gumalindeng anteng mayeng
namperkeun rasa katineung kadirina

harepan geus jadi ampihan rasa
moal laas najan anggang jeung manehna2
…..

Bener kitu Lilis masih kénéh kangen ka kuring? Bener kitu manéhna teu pundung kawas nu lian? Bener ceuk Darmaji, kuring téga nganyeunyeuri manéhna. Sok jadi hanjakal geus kasar ka Lilis. Kuring nu kungsi kasar ka manéhna. Kuring nu kungsi nyentak manéhna. Babakuna teu ditari teu ditakon unggal manéhna nganjang ka imah. Geuning Lilis mah tetep satia, tetep miharep. Teu karasa tembang dina kasét ganti deui…

…..
dina lambaran katrésna
aya ringkang can kasorang
diri kapidangdung
dipapareng kuciptaan
liuh gumulung kahéman
mugia nyorang kabancang

sumerahna ieu diri
tumarima demi cinta
najan diri kudu nandangan tunggara
najan ukur saliwatan
najan ukur sakedapan
abdi pasrah moal robah pamadegan…3
…..

Duh ibarat kitu Lilis nungguan kuring téh. Palangsiang, boa manéhna tara ka imah deui téh sieun ku kuring, tisaprak kuring ngamuk sual kawin, kabeneran manéhna harita keur aya di imah kuring. Jigana Lilis nyeri haté. Jigana Lilis éra. Jigana ayeuna gé Lilis tara manggihan indung kuring ka imah téh lantaran sieun kuring nyangka nu lian-lian. Padahal Lilis mah tibaheula gé baku sok ngadon nganteuran ka indung kuring mawa sarupaning buah-buahan. Lilis nu éstuning nyaah ka indung kuring nu geus kolot…

Tapi ayeuna mah Lilis geus jiga nu sieun datang ka imah gé. Nu di imah gé geus tara ngomong-ngomong sual Lilis. Kabéh sieun ku ambek kuring. Indung sorangan gé geus tara nyabit-nyabit sual kawin, sual Lilis. Haleuang tembang teu eureun-eureun minuhan pikir kuring, ngusapan haté kuring.

“Kang, tos dugi Cileunyi. Aéh kalahka ngaharuleng” supir nakol kaca panto meupeus lamunan. Kuring jeung ki Dudus ngarénjag reuwas. Tuluy silih pelong. Geuning sarua jeung kuring, sihoréng simanahoreng ki Dudus gé titatadi anteng ngalamun, poho rék eureun di Jatinangor mah.
“Eta geura genah ngarasa dipépéndé kawih sunda sajajalan. Sedih jeung bungah karasana panineungan…” ki Dudus gagaro sirah nu teu ateul.

“Sarua, Ki…”
“Pir! Milu deui muter ka Tanjungsari. Tapi tong dipareman tipna!” ki Dudus ngacung.

***

Sajajalan kasét digeder, béak diputer deui, béak diputer deui. Teu eureun-eureun. Atuh kuring gé nepika apal. Kuring jeung ki Dudus mupakat balik deui ka Tanjungsari ngabélaan hayang tuluy ngadangukeun tembang. Meuli cokelat ka Jatos mah teu jadi. Sapanjang balik mah euweuh nu cacarita. Simpé. Ukur sora mesin mobil. Ukur haleuang tembang. Duh, sajeroning dipépénde tembang, ingetan manteng ka Lilis. Tibaheula manéhna nungguan kuring.

Teu karasa balikeunna mah gancang, geus tepi deui ka Tanjungsari. Can ge lila turun tina mobil, supir ngagorowok, “Kang, kaset pajeujeut!”

Ki Dudus ngadadak hayang buru-buru balik. Inget ka si Nini cenah. Antukna kuring leumpang sorangan. Sajajalan pikiran ngarasa sasab ka awang-awang, asa teu manggih arah. Haté norowéco ngarasa diturih wanci nu can pasti. Di tengah sawah manuk silih udag. Kuring leumpang luhur galengan, dumadak ngarasa hariwang ku hirup…

Di imah, kabéh keur kumpul. Kaayaan tengah imah jiga nu geus kaanjogan sémah. Aya bubuahan dipiringan deukeut panto.

“Aya sémah, Mah?” kuring nanya bari muka jaket. Jempé sakeudeung.
“Enya, aya Lilis. Bieu pisan mulang.” Tembal indung. Kuring neuteup ki Momo, ret ka adi. Si bibi ngaléos ka dapur. Aéh aya naon asa beda ti sasari. Kuring diuk ngahuleng sajongjonan deukeut jandéla kamar. Duh, Lilis nganjang deui…Karasa haté nitah cengkat ngudag Lilis nu jigana can mulang jauh. Kuring ngarawél jakét rék kaluar.

“Rék kamana deui, A?” indung nanya. Kuring neuteup panon indung.
“Rék manggihan Lilis…” Pok téh halon.

“Mun sakirana rék nganyeunyeuri manéhna jiga baheula, leuwih alus tong manggihan.” Ceuk indung kuring semu beurat. Katémbong panon indung ngembeng ku cipanon. Haté kuring ngdadak héab. Simpé sajongjonan. Sakur jelema nu aya didinya neuteup seukeut ka kuring. Rénghap kuring karasa heureut. Gancang kuring kaluar, gidig leumpang gagancangan…

Sajajalan dada karasa beurat. Hawar kadéngé deui tembang nu tadi dina mobil, piligenti nyiwitan ati…

lamun enya jodona
lamun enya kuduna
moal rék aya nu bisa misahkeunnana…

lamun enya cintana
lamun enya hayangna
ulah rek aya nu nyoba misahkeunnana…4

Katémbong tikajauhan Lilis rék balik meuntas sasak. Leumpang kuring digancangan. Mingkin deukuet, dada karasa mingkin heureut. Tilu lengkah ka Lilis kuring ngarandeg.
“Lilis…”

Lilis ngalieuk, semu reuwas amprok jeung kuring. Sakeudeung silih teuteup anteub. Lilis ngeluk tungkul, jiga nu teu wasa paadu teuteup jeung kuring. Kuring ngadeukeutan manéhna. Gap teu asa-asa nyekel leungeun Lilis. Kuring teu nyaho naon nu ngalamuk dina haté Lilis ayeuna. Kuring nungtun manéhna mapay galengan muru saung. Sajajalan nu kadangu ukur sora manuk. Gék kuring duaan dariuk di saung jiga baheula keur leutik. Nya di saung eta pisan, Lilis babarengan deui jeung kuring. Lila paheneng-heneng. Duaan pabetem-betem. Kuring ujug-ujug bingung rék ngomong naon. Lilis tanggah lalaunan, neuteup ka kuring sakedapan. Duh, Lis, geus lila teu tepung. Angin karasa humaliwir. Kuring jeung Lilis silih teuteup. Teu karasa haté ngangkat leungeun sorangan ngaranggeum leungeun Lilis.

“Lis, hapunten Akang, “ pok téh,” Tong jadi pundung. Haté mah teu bisa dibobodo gening. Kuring teh gening teu bisa hirup sorangan…” ceuk kuring halon. Lilis neuteup panon kuring. Duh, bulu panonna mingkin carentik baé. Lilis nu manis, kuat nandangan tunggara satia nungguan haté kuring léah tumarima. Kuring ujug-ujug ngarasa deudeuh jeung geugeut ka Lilis. Katémbong aya nu ngeyembeng lebah kongkolak panonna.

“Lilis bakal satia salawasna…” pokna. Teu kungsi lila manéhna ceurik. Cipanonna nyakclak kana leungeun kuring. Haneut. Teu karasa Lilis nyangsaya kana dada. Cipanonna beueus karasa dina dada kuring.

“Horeeee!!!” kadéngé aya sora nu kareprok tukangeun saung. Kuring jeung Lilis ngarénjag bareng. Reuwas naker. Katémbong ki Momo jeung ki Dudus saparakanca tingtorojol muru saung. Nyi Mimin, adi, si bibi jeung indung kuring nuturkeun ti tukang, sareuri jiga nu bungah. Ki Oleh ajarg-ajragan atoh. Kuring jeung Lilis silih pelong, tuluy Lilis imut ngagelenyu.

“Man, ilaing jadi rék kawin jeung Lilis téh?” ki Momo nanya saklek jiga nanya ka maling. Kuring neuteup Lilis sakeudeung. Lilis imut surti. Kuring unggeuk. Sakur nu aya didinya kabéh keprok deui. Ki Oleh ajrag-ajragan. Indung kuring ngagabruk Lilis jeung kuring bari ngagukguk ceurik, bakating ku bungah. Indung kuring nangtung bari nyusutan cipanon. Teu eureun-eureun syukur ka Gusti. Duh, gening salila ieu téh kuring lain nganyeuneyuri Lilis hungkul, tapi nganyeunyeuri indung, ngariripuh diri sorangan…

Kuring jeung Lilis silih teuteup geugeut. Barang rék nangkeup pisan Lilis, ki Oleh nyekelan taktak kuring.
“Eit, ke heula! Méméh nangkeup Lilis, ilaing kudu panco heula jeung kuring!” ceuk ki Oleh.
“Emang Lilis jagong!” ceuk ki Momo némpas.

“Ilaing mah Oleh baku sok maén sengsor waé!” ceuk ki Dudus nyereng. Kabéh nu aya didinya seuri akey-akeyan ngadéngé aki-aki silih haok. Lilis tungkul bari imut manis. Saung jadi saksina. Duh, Lis, kakara nyadar Akang mah, raray anjeun mun pareng kaisinan estuning katingalna mani geulis…

BULE SASAB

Kuring jeung Ki Memed mapay-mapay walungan ka kebon Haji Dayat, ngadon rék ménta daun sampeu keur lalab sambel. Ilaharna poé minggu, barudak sok ngajak liliwetan. Malem mingguna sok ngariung di pos ronda, maén kartu, ngabako, teu kaliwat kopi hideung jeung wayang golék dina radio. Teu robah barudak nu ngumpul téh ukur Jajang, Ocid, Asep jeung kuring. Ti kubu aki-akina mah ukur ki Astahim, Ki Memed jeung Ki Amin. Nya kitu isukna ngumpul téh dipungkas ku liliwetan di saungna sawah Mang Duyeh, bari diayun ambing ku haleuang kawih jeung suling ki Amin.

Puguh ari liwet mah ti tatadi gé geus asak. Sok hédéd luhurna ditumpangan asin paméré ti warung indung Ocid. Aya peuteuy jeung jengkol ti Jajang. Tapi sambelna mah euweuh nu barisaeun nyieun. Wayahna wé metot heula Nyi Nunung nu keur nyeuseuh di imahna. Kabéh mupakat lalabna hayang dun sampeu. Teu talangké deui, kuring jeung Ki Memed tuturubun muru kebon Haji Dayat, sakalian rék ngala daun cau.

Barang rék meuntas walungan, gebeg téh kuring duaan ngarandeg nempo aya jelema morongkol teu usik-usik handapeun tangkal kérsen. Diilikan geuning bulé. Tarangna bancunur gedé jiga nu tidagor. Sukuna diiket tali rapia alah batan geus dirogahala. Kuring duaan rikat mariksa éta sakadang bulé. Dedegan awakna jangkung gedé. Buukna semu konéng, dibaju kameja pondok warna koneng. Kahandapna maké sontog bodas, disapatu jangkung. Hirup kénéh…

“Ti planét mana ieu mahluk?” Ki Memed semu ngagerendeng bari tanggah ka langit. Gék manéhna cingogo. “Beu, ieu panu mani saawak-awak…”pokna deui pirajeunan nyingkab-nyingkab baju si bulé.
“Lain panu, Ki, kulit bulé mah émang kitu.” Ceuk kuring bari tuluy leungeun ngopépang muka tali tina suku si bulé. Ki Memed unggut-unggutan.
“Jigana aya nu ngahaja miceun, dirogahala heula, Lo.” Ki Memed terus masang tarang kerung.
“Teu salah deui, Ki!” Pok téh, “ayeuna mah bawa wé ka balé désa, atawa ka imah Haji Dayat heula nu deukeut.”

“Satuju, Lo!” ceuk Ki Memed bari ngangkat palebah sirah si bulé. “Heueuh, Lo, kasiksa mun seug urang duaan mawa ieu bule ka balé desa.” Ki Memed ngangkat awak si bulé bari semu ngaheujeun beurateun. Prut manehna hitut. Dina haté kuring kutuk gendeng.

Reugeuyeung kuring duaan ngagotong si bulé, meuntas walungan muru imah Haji Dayat. Kawénéhan Haji Dayat sakur kulawargana araya di imahna, teu wudu atuh pada mantuan. Sanggeus nyarita kumaha mimitina manggih bulé, kuring jeung Ki Memed muru imah Pa Lurah, rék bébéja. Sok inget yén 1 x 24 Jam Tamu Wajib Lapor, nya kitu deui si bulé teh sémah can puguh.

Teu kungsi lila kuring, Ki Memed, Pa Lurah jeung Cecep anak lalaki panggedéna muru imah Haji Dayat naék mobil Pa Lurah. Di imah Haji Dayat, si bulé masih ngajoprak pingsan kénéh. Atuh geuleuyeung wé si bulé téh dibawa ka puskésmas. Nya tidinya jadi nyaho ngaranna téh Harry Thomas. Kapanggih biodatana tina surat katerangan dina rangselna. Sajeroning dipariksa, si Harry Thomas ngulisik satengah sadar.

Teu kungsi lila tidinya, si Harry Thomas nu satengah sadar téh antukna mah dibawa ka imah Pa Lurah. Sanggeus tepi deui ka lembur, kuring jeung ki Memed mah geuwat muru barudak di saung. Geus teu kuat lapar. Jalanna liwat imah Haji Dayat. Teu poho Ki Memed ménta dun sampeu jeung dun cau.
Nepi ka saung, barudak geus areuweuh. Seuneu ukur ruhak. Asin ukur cucuk. Peuteuy jeung jengkol ukur cangkang. Sambel ukur sengitna. Duh, jigana barudak dahar dina kastrol. Katempo aya tulisan dina triplék saung maké areng hideung:

Bwt Cep Alo Sareng Ki Memed
Nurustunjung Siah Duaan, Nyiksa Batur.
Urang Mah Inget Kénéh Ka Maranéh.
Tah Di Agéhan Liwet, Di Juru Luhur Saung!
WasSalam…
Tim Gegana

Lieuk kuring duaan ka luhur saung. Bedus, sésa liwet keur di riung kulawarga hayam, pada macokan. Gajleng téh ki Memed ka luhur saung, teu asa-asa nalapung hayam jaluna. Hayam kabéh barirat. Gék Ki Memed sila, kokoréh sésa liwet jiga nu rék ceurik. Balik ti saung, di tengah jalan ki Memed dibintih hayam bikang…

Sabada magrib, imah Pa Lurah riab ku jelema. Luha-loho di jandéla jeung di panto hareup, pada hayang nempo bulé. Kuring jeung Ki Memed ge milu élékésékéng ka jero imah. Nya sakeudeung mah silih degungkeun sirah jeung balad ngaliwet soal kajadian tadi beurang. Si Harry Thomas cenah geus nguniang hudang. Tapi Pa Lurah jeung kulawargana teu bisa ngawangkong jeung manéhna bubuhan teu ngarti basa batur. Ditawaran dahar gé kalahka ngajawab nat-nit-not. Katempo Neng Yuyun, anak Pa Lurah, keur jongjon ngubaran bohak tarang Cep Harry Thomas. Leng.

Lantaran can bisa kénéh ngawangkong nyambung, Pa Lurah nitah Cecep néang Kang Rahmat, guru bahasa Inggris di SMA, nu imahna gigir masjid Ar-Rohman. Béjana mah manéhna bisaeun ngomong bahasa inggris da kungsi kursus cenah sataun di Paré. Alah bener ning geus nyang-nying-nyong jeung Kang Rahmat mah kakara bacéprot nyambung. Kuring jeung ki Memed mah beuki teu kuat hayang ceurik, bakating ku teu ngarti.

Kang Rahmat ngadéhém, tuluy nyarita. “Janten kieu, Pa Lurah. Kang Harry Thomas téh urang Amrik. Saurna mah badé ka Pangandaran, namung sasab di tengah jalan. Manahoréng sasab dugi ka lembur urang. Saurna mah basa anjeunna meuntas ka ieu lembur badé ka walungan, ujug-ujug aya nu megat. Kang Harry téh saurna mah ditakol ku kai. Tidinya anjeunna teu emut deui…”
Pa lurah unggut-unggutan, tuluy nanya. “Barang-barangna aya nu leungit teu? Bisi harita téh dirampog.”

“Saurna mah teu aya nu kaleungitan.” témbal Kang Rahmat. Urang lembur nu ti tatadi ngabandungan tingkecewis. Simpé sakeudeung. Sanggeus Kang Harry diistirahatkeun ka jero kamar, urang lembur kabéh bubar. Baju Ki Memed katémbong ngagayot ku sarupaning kué. Singhoreng ti tatadi téh susulumputan ngodokan kéler.

Saminggu ti harita, Kang Harry Thomas katempo dunga-dengo hareupeun imah Pa Lurah. Jiga nu hayang ulin. Atuh ti harita manéhna jadi deukuet ka kuring jeung Ki Memed najan can ngarti kudu ngawangkong naon. Ki Memed onaman asa guminter najan ngan bisa ngomong “yes” jeung “no” bari teu puguh jurus. Tapi Kang Harry katempona geus apét tur lindeuk ka kuring duaan. Diajak ulin kamana-mana gé nunutur bujur waé. Diajak ngurek jeung nguseup mah milu waé. Baku setélanna téh maké kaos jeung calana buntung. Tapi tisaprak baréntol jeung kaligata lantaran diajak asruk-asrukkan ka kebon jagong, Kang Harry jadi tara maké calana buntung deui.

Sakecap dua kecap mah ngomong Sunda geus bisaeun bubuhan sapopoé ulin jeung barudak pamuda. Kamari mah bisaeun ngomong “dahar”, “kulub tutut”, “hayu” jeung “nurustunjung.” Tidinya naék jadi bisa “embung”, “naon ieu”, “udud”, “belut”, “lauk” jeung “bahénol”. Nu séjénna mah saeutik-saeutik ngarti mun pareng batur ngomong, tapi teu bisaeun némbal. Kadieu beuki kadieu geus jiga ka dulur, silih béré. Nya kitu téa Kang Harry mindeng méré, ari kuring mah ukur sakali. Ayeuna mah lembur gé geus kaubek ku Kang Harry. Silih suntrungkeun di sawah Mang Duyeh, silih téngkas, silih porosotkeun sarung mun pareng diajak solat ka tajug.

Sabulan ti harita, Kang Harry amitan rék mulang ka nagarana. Kuring jeung Ki Memed ngarasa kaleungitan batur ulin. Duh, Kang Harry téh jajaka soméah. Béja ti Kang Rahmat mah manéhna aya haté kadua leutik ka Neng Yuyun anak Pa Lurah. Leng. Bener tiiseun euweuh Kang Harry mah. Di pos ronda téh peuting ayeuna mah ukur aya kuring jeung Ki Memed. Karasa kénéh kamari mah dariuk tiluan, ngalinting bako molé. Sok jadi inget Kang Rahmat nyarékan kuring jeung Ki Memed, pajar téh Kang Harry bébéja dibéré ganja Indonesia. Duh, abong bulé teu gaul.

Angin peuting tiis karasana. Kuring duaan gogoléran di pos ronda gumulung panineungan.
“Ayeuna mah gening tiiseun euweuh Kang Harry mah, Ki…”
“Yes…”

***
Heuleut watara bulan, Kang Harry Thomas ujug-ujug ngurunyung deui ka lembur. Ayeuna mah ginding; maké kaca mata, kaméja, lepis, jeung rangsel gedé. Kuring jeung Ki Memed datang ngabageakeun. Ngarasa pangling. Gagah gening si bulé téh.

“Nurustunjung si Harry, Lo, nyaho rék kadieu deui mah baheula téh moal ceurik.” Ceuk Ki Memed semu keuheul. Kuring mah ukur seuseurian.

Kang Harry Thomas ayeuna mah ngontrak gigireun imah Kang Rahmat. Ari diaku deui titah cicing di imah Pa Lurah mah, Kang Harry ayeuna mah mumul, éraeun. Ceuk Kang Rahmat mah, Kang Harry téh boga rencana rék netep di Indonesia. Béjana rék nyieun imah di lembur ieu. Kuring jeung Ki Memed atoh ngadéngéna.

“Horray, Lo, Kang Harry mawa duit loba ti imahna!!” Ki Memed ajrag-ajragan sapanjang galengan. Atuh belut téh nyempod deui ka jero liang.

Piimaheun Kang Harry Thomas geus ngeureuyeuh di wangun. Béjana ti Kang Rahmat mah, Kang Thomas gé keur getol-getolna kursus basa Sunda di Bandung. Pantes jarang daék diajak ulin deui. Atuh dua minggu kursus gé geus lumayan karasa. Kang Harry geus loba ngarti mun batur ngomong, tapi ari némbal mah masih balélol. Minggu ganti minggu, bulan ganti bulan, imah Kang Rahmat geus ngadeg. Imahna teu gedé. Leutik tapi kaciri lucu. Kitu deui basa sunda na geus kadéngé lancar. Éta wé pas hiji poé keur leumpang jeung Kang Rahmat balik ti Bandung, ku Ki Memed digeroan diajak ngopi heula di warung Nyi Odah, témbalna mani alus.

“Hatur nuhun. Nanging abdi nyuhunkeun widi badé mios…” pokna. Kuring jeung Ki Memed silih pelong bakating ku reuwas.
“Lo, Kang Harry beuki nyunda.”
“Heueuh, Ki, ku daék diajar mah kabéh gé bisa. Ku daék diajar nyunda bener-bener mah, bulé gé bisa.
Kacida mun urang lembur éléh nyundana. Atuh kiwari mah budak Sunda gé geus pada ninggalkeun basa sorangan…”
“Yés…”

Jejeg sataun, Kang Harry geus teu kagok jadi urang Sunda. Saeutikna geus lancar ngomong Sunda, pakéan nyunda basajan, ngan buuk mah angger koneng. Datang ka kacamatan gé geus teu dianteur deui ku Kang Rahmat. Béja mah dahar ge geus sagala asup. Mun dahar téh sambel jeung lalab mah kudu wé sayagi. Karesepna daun gedang jeung peuteuy.

Komo geus cicing di imahna sorangan mah, geus jiga wé urang lemburna téh. Isuk-isuk diharudum sarung. Peutingna ngilu ngaronda. Nu reuwas mah, Kang Harry geus muslim. Unggal adan sok ngilu solat. Ceuk Kang Rahmat mah, sabulan katukang Kang Harry hayang diajar agama Islam.
Nu mingkin kuring reuwas mah, Kang Harry ngalamar Neng Yuyun. Leng. Atuh urang lembur gé kabéh gujrud. Nya kitu deui Pa Lurah mah teu bisa nanaon, da sual jodo keur Neng Yuyun mah nu kudu nyieun kaputusanna gé Neng Yuyun sorangan. Teu kungsi lila, kurunyung kulawarga Kang Harry ti Amrik pada daratang. Poé minggu ngarumpul di imah Pa Lurah. Ku alus ayeuna mah nu narjemahkeun basa téh Kang Harry sorangan, bubuhan geus lancar ngomong Sunda. Teu nyangka saminggu ti harita Neng Yuyun narima lamaran Kang Harry. Saumur-umur kakara aya urang lembur kawin jeung bulé.

Saptu hareupna, acara kawin Neng Yuyun Sumiati jeung Kang Harry Thomas dilaksanakeun. Rob jelema pada nyaksian. Rencanana pangantén téh peutingna rék nanggap wayang golék. Atuh urang lembur bungah ngadéngéna. Dina acara kawinan, teu nyangka bakal loba bulé nu daratang manggihan pangantén. Kuring jeung Ki Memed pangheulana ngawilujengkeun ka pangantén. Sakapeung mah kuring sok ngahuleng nempo Neng Yuyun nu beuki méncrang mun pareng didangdanan.

Sémah beuki merul. Jigana salembur tamplok kadinya. Jelema ngantay sasalaman jeng pangantén. Ki memed katempona geus ngopépang gigireun méja parasmanan. Patingburinyay cahya kaméra nu motrét panganten. Kabeurangnakeun jelema nu ngantay sasalaman téh geus teu pati pagelek-gelek. Semu corengcang. Sabot semah keur dihibur ku nu nyanyi dangdut jeung nu anteng joged dina panggung, torojol téh Kang Harry kaluar bari gigisik panon.

“Aya naon, Kang?” kuring nanya semu reuwas.
“Tuh itu mangkelukna. Itu pisan mangkelukna!” Kang Harry nunjuk Ki Darman nu keur uyek joged. Kabéh sémah ngalieuk ka panggung. Nu nyanyi eureun. Pon kitu deui musikna. Ki Darman luak-lieuk jiga nu bingung.
“Naon kitu?!” kuring nanya deui.
“Nu nakol sim kuring baheula!” ceuk Kang Harry. Atuh gajleng Ki Memed jeung Ki Astahim néwak Ki Darman nu ngajanteng kénéh luhur panggung. Ki Memed rikat nyokot mikropon. Sugan téh rék ditakolkeun. Aéh kalahka dipaké ngomong jiga emsi.

“Bener ilaing nu baheula ngarogahala Kang Harry?!” Ki Memed nyereng ka Ki Darman. Nu ditanya pungak-pingeuk bangun nu sieun. Song mikropon disongokeun kana baham Ki Darman sina ngomong. Sakur jelema nu aya didinya jempé. Alam simpé. Sémah nu geus baralik gé daratang deui, puguh wé da nu hahaok téh kadéngé ka jalan gé.

“Hayoh ngomong aki-aki nuruspedut! Pilih ngaku atawa didagor?!” Ki Memed terus ngaguliksek semu ngancam. Song deui mikropon ka Ki Darman.
“Muhun, muhun. Kuring nu baheula nakol Kang Harry…” témbal Ki Darman arapap-eureupeup awahing ku sieun kacida.
“Naha?!” Song deui mikropon ka Ki Darman.
“Eu..baheula téh, sugan téh, sugan téh Kang Harry téh walanda nu badé ngajajah…” Ki Darman némbal pupurungkutan. Atuh ger wé sakur nu aya didinya seuri akey-akeyan. Musik sada deui, haleuang dangdut kadéngé deui. Nu jogéd ngagaritek deui. Ki Darman mah turun, solongkrong ngajak sasalaman ka Kang Harry ménta hampura sual kajadian nu geus liwat. Teu kungsi lila manéhna nyiuk sangu di méja parasmanan. Belewek-belewek rewogna kacida, ngubaran kareuwas meureun.

Sataun tiharita, Kang Harry Thomas jeung Neng Yuyun Sumiati boga budak. Abong ngalah ka bapana, orok téh buukna semu konéng. Béja ti Cecep mah budak téh dingaranan Haryanto Harianeun. Tapi sabulan tiharita ngaran budak diganti jadi Muhammad Heri Thom-bo Ati. Duh, mani bagja nu rumah tangga. Mugia rumah tanggana tetep bagja, Neng. Kuring ikhlas. Muhun, najan dogong-dogong tulak cau mangtaun-taun kuring miharep waktu nu alus rék wakca. Duh geuning kapiheulaan ku bulé sasab…

Kamis, 22 April 2010

SAHADAT BUHUN

Sadat Islam
Sadat islam aya dua,
Ngisalmkeun badan kalawan nyawa,
Dat hurip tanggal iman,
Ngimankeun badan sakujur,
Hudang subuh banyu wulu
Parentah kanjeng Gusti,
Nabi Adam pangnyampurnakeun badan awaking.
Sir suci,
Sir Adam,
Sir Muhammad,
Muhammad jala lalana
Nu aya di saluhuring alam.
Sahadat Sunda
Ashadu sahadat Sunda
Sapapada jeung pandita
Neang indung nu kabduhu
Neang Bapa Hidayyatullah
Nu mayungan sajagat,
Neangan Pangeran Kudratullah
Laillahhailloh Muhammad Rasullah
Sahadat Jawa
Apa pengot surat Raden Angga Keling
Pangeran Angga Warulang
Ratu suluk ajitullah
Pengaersa sa Nusa Jawa
Puputrane Ulis Akin
Kajayak ngarurug Pajajaran
Tanggal ping opat welas
Nukila di kalimati sahadati
Isun weruh umat Allah dikang Selam

Sahadat Bawa
Ashadu Sahadat Bawa,
Iman jati lulungguhan pulo nyawa,
Roh nyawa intening hurip,
Hurip ieu keuna ku gingsir
Langgeng teu keuna ku owah,
Lailahileloh Muhamad Rasulullah

Sahadat Taraju
Ashadu sahadat taraju
Idin imatan warohmatan
Walidatan, wasiratan,
Titikaptan minha yah u
Ya Allah, ya Rasulullah.

Sahadat Sayang
Ashadu sahadat sayang,
Kuriling ka bale suci
Cat mancet ka jagat mulya,
Tetesen ditetes ku Allah
Ya hu, ya Allah, ya Rasulullah
Sahadat sari
Ashadu sahadat sari,
Gegedah wadah humenggang,
Ngebur-ngebur lain ratu,
Ngebyar-ngebar cahyaning pangeran,
Payung tilu nungku-nungku,
Payung emas lingga jati,
Kakayon sabar darana,
Teteras sekar cendana.
Sahadat Adam
Ashadu Sahadat Adam,
Sah Adam,
Ashadu nur putih alip tunggal,
Iman eling ka mulya kang kadim,
Lailahailaleloh Muhammad Rasululah.
Sahadat Barjah
Ashadu sahadat barjah,
Enggon Allah sapatemon,
Sang Mutiara Putih calik di iman,
Patala artu miski aja ningratullah,
Titpan gedong kencana,
Nama Allah Rasulullah,
Lailaha ilaloh.

Sahadat Hayun
Asahadu sahadat hayun,
Hayun-hayun hurip kang hurip,
Cicipta Gusti Kang waras,
Cicipta Allah cipta rosa kang kawasa,
Ceg badan wujuding Allah Rasulullah
Nanya badan, ceg badan wujuding manusa.

Sahadat Siluman
Heuah balung nangtung tulang
Tulang muntang. Colok rasa ku buana,
Deg kimili rasa,
Aing nyaho ratu sia,
Anak sia ratu Siti,
Ambu sia ratu neluh ti Galunggung,
Bapa sia pangulu jin.

Sahadat Mustakarayunan
Asahadu mustakarayunan
Sahadat permana tunggal,
Selam lahir, selam bathin,
Selam pinarengin kersa,
Sing waspada kanu ngayuga bumi alam
Aya nu saurang, aya nu sorangan,
Aing waspada kepada Allah,
Allah waspada ka kaula.
Tenget gemereng-ereng,
Raraga gemet ruhiat,
Terusning Allah terusning rasa
Pani-pani langgeng tetep,
Langgeng agama Islam.

Sahadat Ganda
Ashadu ganda ingsun,
Turun saking sawarega,
Ningal ganda ningsunan sampurna,
Ganda ningsunan handiri,
Kamar langit karaton.